Sabtu, 22 Maret 2008

Koboy

KOBOY

ku

Endang Jalaludin

Ceuk kuring mun hayang wareg nongton filem koboy mah asa resep keneh basa keur TVRI taya saingan. Harita antara taun 1970-80-an, TVRI remen pisan mintonkeun filem-filem koboy nu kakolomkeun kana filem klasik sigana mah. Ti mimiti filem seri saperti Bonanza, Iron Horse, Rin Tin Tin, Zorro, Johny & Ringo jeung sajabana.Teu kaitung filem koboy nu lain seri mah, saperti nu sok biasa dipintonkeun dina acara filem minggu siang.

Ku mahabuna stasiun televisi anyar salian ti TVRI, lalajoanan kana filem koboy kuduna bisa leuwih meuweuh. Sahenteuna ge, da filem koboy teh mangrupa salah sahiji filem nu teu saeutik bisa ngirut panongton.

Tapi pamikiran kitu teh bet nyalahan kacida. Nu aya malah filem koboy teh geus lila ngaleungit ti TVRI. Teu kacatur deui ari di statsiun TV swasta mah. Da nu kararitu mah udaganana kana rating. Moal muter barang antik kawas filem koboy nu sigana bakal pada ngajarauhan ku juragan iklan. Kaharti ku kituna mah, da geus arang meureun ayeuna mah nu raresepeun kana filem koboy teh. Kalolobaan raresepna kitu tah kana sabangsaning sinutran-sinetron atawa filem-filem buatan Hollywood produksi kaayeunakeun. Ngahaja-ngahaja muter filem koboy, sacara ekonomis sigana moal ngadatangkeun piuntungeun. Ngan naha teu dicoba heula atuh? Dibere kasempetan. Padahal teu saeutik film koboy nu ajenna kaasup hade pisan, malah bisa terus nyabet academy award saperti Dances with Wolves (1990), Unforgiven (1992).

Memang henteu ari pet leungit pisan mah. Sakali-kalieun mah masih keneh bisa lalajo filem koboy di televisi swasta. Sanajan filemna nu diputer rereana nu dijieun (produksi) akhir tahun 80-90-an atawa filem koboy heubeul nu diproduksi ulang, saperti Tombstone, 3:10 to Yuma, Unforgiven jeung The Quick and The Dead. Galur carita teu pati mengpar jeung filem aslina, ngan pamaenna hungkul nu garanti teh. Puguhna meureun ari kudu make bentang filmna nu hareubeul keneh mah pimohaleun, da geus jaradi aki-aki jeung nini-nini tea. Boa sawareh mah tos teu araya dikieuna. Iwal ti Metro TV nu muter deui filem koboy lawas kayaning The Magnificent Seven (1960) nu bentangna di antawisna Yull Bryner, Steve McQueen, James Coburn jeung Charles Bronson. Lumayan sakitu ge, jadi panglipur jiwa, kaubaran sono ku lalajoan nu geus arang langka.

Naon saleresna nu jadi panarik, bet kuring resep-resep teuing kana filem koboy. Sigana mah aya turunan ti kolot ? Almarhum pun bapa basa keur jumenengna kagolongkeun nu sering nongton filem koboy di bioskop. Tara kersaeun nongton filem salian ti filem koboy mah, iwal ti filem islami sapertos filem Hijrah Rasul. Kalan-kalan kuring ge sok diajakan. Tara mayar ari nongton ka bioskop teh pun Bapa mah, da nyobat tea kanu gaduh bioskopna. Kitu deui kanu jaragana karenaleun.

Tahun 70-an di tempat kuring nganjrek, Karawang, mung aya dua bioskop harita teh. Teuing ari di kota Kacamatan aya bioskop atawa henteuna mah, kuring teu pati apal. Nu di kota na mah bioskop teh hiji bioskop Seroja nu caket stanplat beus, nu hiji deui bioskop Samudra nu pernahna teu pati anggang ti stasiun kareta. Bioskop seroja teras ganti ngaran jadi bioskop Angkasa. Kakarak awal tahun 80-an gedong bioskop teh katambihan deui ku bioskop Nusantara di jalan Tuparev nu ngadeg nempatan tilas gedong sandiwara sunda nu geus lila teu kapalire. Di Pasar Johar deuih ngadeg aya gedong bioskop anyar teh. Teu aya monopoli filem twenti-twentiwanan harita mah, kawas ayeuna.

Zaman harita filem nu payu rereana koboy atawa filem India. Kitu we selang- seling diputerna teh. Mun minggu ayeuna nu maen teh Sashi Kapoor, Ashok Kumar, Sri Devi atawa Hema Malini, geus bisa dipastikeun minggu hareupna kagiliran aktor saperti John Wayne, Garry Cooper atawa Clint Eastwood. Nya sakali-kalieun kaselang ku filem babah ngaramuk alias filem silat Mandarin nu rea adegan perang pedang jeung babah nu ngararapung.

Rupa-rupa kamonesan koboy bisa jadi mangrupa alesan sejen nu matak kuring resep nongton filem koboy. Eta weh geuning ari koboy mah ari tas nembak musuhna sakapeung sok mintonkeun adegan muter-muterkeun pestol ku curuk, terus niup heula kebul haseup tina congo pestol, saencan diabuskeun kana sarangkana nu naplok dina gigir calana rurumbean. Pelor ngaredes mapaesan beubeur kulit. Maklum bolon keneh harita mah, pikiran can pati jalan kawas kiwari, percaya weh pestol diputer-puter ku curuk teh. Asa aheng pisan. Padahal sorangan teh kusi nyobaan ngangkat pestol koleksi kagungan bos kuring asa ku bareurat pisan. Boro-boro diputar diputer kucuruk sagala rupa. Teuing leres tah pestol beneran atawa kamajuan trik, eta koboy dina filem siga enya gampileun pisan. Ah tara pati teuing dipikiran.

Lamun keur adegan gelut na deuih nu matak resep teh, jagoanana sok dirarempug ku dua atawa tiluan bandit jahat. Dina gelutna tara loba jurus, sagala rupa dikaluarkeun kawas dina filem laga ayeuna. Cukup weh ku ngagiwar atawa rada ngareundeuk saeutik. Jeung tara pati lila deuih garelutna teh, geus ting jaloprak, ting kudupung. Beda jeung filem silat Mandarin atawa filem laga ayeuna, asa lalila pisan nungguan nu areleh gelut teh. Sakitu geus baloboran ge, siga nu taragen keneh wae. Asa teu abus di akal. Dina filem koboy mah alamiah, boh jahatna, oge jagoanana adil pisan, masing-masing sok barengep kabareunangan. Ngan nya kitu teu di koboy teu di filem India, sanajan bari ripuh baluncunur ge tumut ka ugeran skenario. Ari ka ngaranan jagoan mah tetep kudu dimeunangkeun.

Eta apik dina adegan garelut teh, nurun kana hal sejenna. Upamana wae koboy mah apik tara ngamumurah pelor. Mun bisa sigana hiji pelor diancokeun keur hiji lawan. Cara jagoan keur nyemprung tarik dina luhureun sadel kuda, bari ti tukang ditembakan ku sababaraha urang bandit nu keur ngabeberik. Eta mah manehna cukup ku murilitkeun badan meueusan, ngan jedor-jedor weh. Teu dikeceng-keceng acan kawas sniper panembak jetu tea. Para bandit pating juralit tina kudana nemahan pati, saurang saurang. Mun banditna aya kana leuwih ti dua belas urangna, anggeus diperenan cukup ku pestol hiji. Da panangan nu hiji deui keur riweuh kana tali eles kadali kuda tea. Can pareng maluruh nitenan eusina eta silinder pestol, sabaraha lobana bisa muat pelor. Naha keur genep atawa sapuluh urangeun. Aheng deui wae lebah dinyana keur kuring mah. Tara, tara pisan kapikiran ari keur pogot nongton mah. Bandingkeun jeung filem laga kiwari nu ku asa gararampil pisan ngahahambur pelor teh.

Lolobana kahirupan tokoh nu dicaritakeun dina filem koboy hirupna basajan, mencilkeun maneh (soliter), gede wawanen jeung tara pati loba ceta. Geus pasti ari sifat avontourir (ngalalana) na mah, da hirup rereana tara betah nganjrek tumetep di hiji tempat. Kitu weh udar ider ngajajah lembur milangan kori.

Keur zaman sakola, mun pareng keur kemah pramuka, kuring jadi sok ras asa niru-niru petana koboy. Tengah peuting di sisi alas, bari siduru ngasur-ngasur seuneu durukan, nyandingkeun ci enteh haneut. Suruput-suruput nyorangan di baturan ku simpena peuting jeung langit nu baranang ku bentang. Angin peuting sisi gunung ngahiliwir nyelesep nembus tulang. Pikiran bebas teu nguluwut. Babaturan mah geus lila kererek jeroeun tenda sangimpina sangimpina masing-masing.

Aleut-aleutan koboy dina kuda nu narikan kareta wahon (karapan), antay-antayan panjang pisan, oge bisa nembongkeun gambaran kahirupan koboy nu resep sabilulungan, silih tulungan. Biasana lumaku kitu teh para koboy dina tarekah neangan lahan subur keur tatanen atawa miara ingon-ingon. Lamun teu kitu, memang ngahaja ngungsi neangan tempat aman nyingkahan euwah-euwah bandit nu keur telenges teh jeung ngagalaksak deuih.

Panghareupna iring-iringan diluluguan ku sababaraha koboy minangka tuduh jalan. Sapandeurieunana antayan rombongan kareta wahon nu eusina koboy geus karolot wungkul, awewe jeung barudak bolon. Pangtukangna ditutup ku tilu atawa opatan koboy, ngawal jeung sakalian jaga kaamanan. Sakapeung salah saurang koboy nu pang hareupna sok ngenyed eles tali kadali kuda ngendoran lengkahna, nepi kasusul ku rombongan kareta wahon nu tengah atawa pang tukangna. Kituna teh dihaja sangkan bisa ngaroris atawa ukur sakadar ngajak ngobrol jeung balad abrulan nu keur dikawalna.

Nitenan sifat kahirupan koboy, saenyana loba pisan hal nu bisa dijadikeun pieunteungeun, pulungeun geusan bekel laku hirup urang. Sifat teuneung, teu galideur sarta tara babari gumantung hirup kanu sejen, mangrupa sifat nu kacida diperlukeun pisan enggoning ngayonan paneka jaman. Dinu hirup kumbuh kiwari lain wae diperlukeun sumber daya manusa nu unggul tapi oge jujur (gentleman). Pasifatan nu geus arang langka jeung loba nu pada naringgalkeun.

Aya deui nu jadi ka hanjakal teh, seseringna nu gampang nerap di masyarakat malah mangrupa hal nu teu hadena. Nepikeun ka jadi lalandian goreng (stigma) keur mapandekeun ka jalma nu tingkah lakuna teu pati ilahar jeung nu sejen. Koboy kolot misilna, keur mapandekeun ka para sepuh nu sok gumasep, purunyus, beberenjen, ngarasa kawas ngora keneh wae. Kitu deui sifat bandit nu selon dina filem, teu filem koboy teu filem silat Mandarin sok ditulad ku barudak ngora. Tindak tanduk sahayuna, teu jeung jeujeuhan, henteu ngukur balukar nu bakal tumiba. Kawas keuna kana sisindiran hariring grup musik Bimbo ....

Hey koboy kolot, leumpang-leumpang heheotan

Hey koboy kolot, gumasep di tengah jalan .....