THE SEARCHERS (1956)
Film nu disutradaraan ku John Ford ieu sigana mangrupa film nu pang punjulna keur John Wayne mah, utamana dina hal seni aktingna. Loba pisan adegan nu kaitung harade pisan, nepikeun ka New York Magazine ngalandi ieu film salaku film nu paling mere pangaruh gede kana sajarah Amerika. Sanajan ieu film rada ngaharib-harib kana urusan rasis (ngabeda-bedakeun warna kulit), tapi kaubaran ku reana adegan silih tembak nu bener-bener hade turta nyeni pisan.
Lalakonna ngeunaan tarekah Ethan Edwards (John Wayne) nu soson-soson maluruh dulur misanna nu diculik ku Comanches nu boga dosa maehan kulawarga
Ethan Edward, jalmana barangasan, hirupna mencilkeun maneh, tentara karek eleh perang
Film The Searcher dijieun dina mangsa keur sakaratna film koboi, dina mangsa bangsa Indian eureun dilalakonkeun jadi bangsa nu biadab. Ngan nu narongton film koboi teu hayang pusing ku pabaliutna masalah moral. Kaum pang baharu film koboi kaasup Ford dina ”Cheyene Autumn” taun 1964, narik pamadegan nu leuwih teges ngeunaan suku asli Amerika nu di ajamna mah nyaeta film eksen nu rame nu jelas saha nu jadi jagoanana jeung saha banditna.
“The Searchers” kuduna mah meureun keur dua filemeun. Kacaturkeun Ethan Edwards teh jalma nu heuras pamadegan jeung hirupna nyorangan, hiji potret nu geus nyosok jero. Ethan teu misuka ka bangsa Indian, terang-terangan nyaritana kawas kitu teh. Waktu manehna ngutarakeun maksudna rek maehan Debbie, Martin nempas ”Manehna masih hirup keneh jeung tetep kudu hirup terus!” Tapi tembal Ehan bari ambek ”Hirup jeung Comanche hartina moal hirup lana”.
Daya tingal Ford dina ngadumaniskeun karasa jelas jeung ngayakinkeun. Nitenan adegan nu ngurebkeun dinu awal film, ngajugrug hiji wagon dina handap katuhu, sabubuhan jalma nu keur nandangan sungkawa, katara pasir lamping jalan ka kuburan, kabeh nu araya rampak ngahariringkeun himne kameumeutna Ford “Shall We Gather at the River” (ieu lagu teh dipake deui dina adegan nikahkeun). Tapi lamun ditimbang-timbang mah nu pangalusna tina sagala adegan nu direkam ku Ford, nyaeta nalika rombongan nu keur maluruh aya dina hiji mumunggang pasir. Sawatara eta, bangsa Indian nu niatna ngancam-ngancam ka maranehna kasampak keur tarunggang kuda sajajar pisan jeung maranehna, tembong ngalangkang dina langit. Oge adegan nu dramatis waktu mojang Debbie, nurugtug mudun dina lamping pasir di satukangeun Ethan, padahal Ethan teu ningalieun aya manehna. Adegan gambar pangbuka jeung panutup dimana Ethan datang jeung indit, dipigura ku lawang panto. Katunggaraan hirup nu nyampak dina diri Ethan diebrehkeun ku gambar Ethan nangtung nyorangan dina eta lawang panto bari leungeun katuhuna numpang kana sikut leungeun kenca, kasieuhkeun ku kajadian tiasana mulangkeun deui Debbie ka sarakanana. Adegan-adegan tadi mangrupakeun kajadian nu aralus dina eta film.
Dina film “The searchers” sigana mah Ford keur nyoba-nyoba sanajan bari teu keuna, malahan nimbulkeun loba karempan, ngebrehkeun rasisme nu nyaluyuan kana genocide. Sagala rupa gambar meureun keur ngahudangkeun hiji usaha nu kalawan teu sadar ngurangan kana pesen film. Kalolobaanana panongton sajati mah mereun geus bisa mopohokeun tujuanana; rasisme Ethan ges teu katembong ku maranehna mah, sabab pamanggih maranehna ngeunaan Indian mah sailon pastina ge. Dalapan taun ti harita dinu film “Cheyenne Autumn”, filmna nu pamungkas, Ford karasa leuwih jelas. Ngan kurangna visi “The Searchers” teh ku urang bisa katara dina diri Ford, Wayne jeung koboina sorangan, pangajaran nu mahiwal nyaeta sing saha jalmana nu miceuceub Indian moal bisa lana jadi pahlawan nu basajan.
Disundakeun kalawan bebas ku Endang Jalaludin
Judul asli : The Searcher (1956), ku Roger Ebert
0 Komentar:
Posting Komentar
Berlangganan Posting Komentar [Atom]
<< Beranda